Showing posts sorted by relevance for query contoh-khutbah-idul-fitri-dalam-bahasa. Sort by date Show all posts
Showing posts sorted by relevance for query contoh-khutbah-idul-fitri-dalam-bahasa. Sort by date Show all posts

Contoh Teks Khutbah Singkat 'Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru 2018

Contoh Khutbah 'Idul fitri Dalam Bahasa Sunda - Hari raya Idul Fitri yaitu merupakan hari raya bagi ummat Islam yang mana di rayakannya pada tanggal 1 bulan syawwal berdasarkan hitungan tahun hijriyyah setelah melakukan puasa sebulan lamanya pada bulan ramadhan, Semua ummat Islam diseluruh dinia pada merayakannya.

Umat Islam dalam satu tahun itu mempunyai dua hari raya yaitu hari raya Idul Fitri dan Idul Adha, namun dalam pelaksana memeriahkan kedua hari raya itu yang paling meriyah yaitu hari raya Idul Fitri, padahal kalau berdasarkan beling mata agama nilainya besaran hari raya Idul Adha ketimbang Hari Raya Idul Fitri.

Dalam acara pelaksanaan Hari raya baik Idul Fitri mau pun Idul Adha maka di sunahkan untuk melakukan dua rakaat shalat dan setelah melakukan shalat di akhiri denga membacakan khutbah dua yang dibacakan oleh seorang khatib, nah untuk itu maka kami di sini menyajikan salas satu contoh khutbah Idul fitri singkat dalam bahasa sunda singkat, guna untuk mempermudah pencarian teks bagi para khatib menyerupai di bawah ini:

Hari raya Idul Fitri yaitu merupakan hari raya bagi ummat Islam yang mana di rayakannya p Contoh Teks Khutbah singkat 'Idul Fitri Bahasa Sunda Terbaru 2018

Assalaamu'alaikum Wr Wb.

الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر، لا إله إلا الله الله أكبر ولله الحمد
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ كَتَبَ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ الصِّيَامَ فِي شَهْرِ رَمَضَانَ، وَأَنْزَلَ فِيْهِ الُقُرْانَ هُدًى لِلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِنْ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ الله وَحْـدَهُ لاَ شَـرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُـوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَّلِّ وسلم عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَأَصْـحَابِهِ ومَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانِ إِلَى اخِرِ الزَّمَانِ، أما بعد: فَيَا مَعَاشِرَ الْمُسْلِمِيْنَ رَحِمَكُمُ الله، أُوصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَا اللهَ فَقْدْ فَازَ الْـمُتَّقُوْنَ. وَقَدْ قـَالَ اللهُ تَعاَلَى فِي الْـقُرْاَنِ الْكَرِيْمِ

Catatan : untuk bacaan ayat al-Qur'annya sanggup di sesuaikan dengan materi.

Cunduk waktu nu di tunggu-tunggu, sapagodos waktos anu di antos-antos, pasini wanci anu di anti-anti, kabingah anu bungangah, sarta kagenah manah tiba nepangan urang sadayana nyaeta “Idul fitri”. Margi salami sasasih ramadhan, urang mancuhken kuda-kuda taqwa, nguatken jurus kaimanan, nampanan panarajang serangan syaetan, ngabendung panundung hawa napsu, ngepesken kalayan nyingcetken kamaksiatan, Alhamdulillah tiasa di atasi urang aya dina kamenangan, saum romadhan cumpon, shalat fardu, shalatsunat teu kaliwat, tadarusan qur’an satamatan, zakat fitrah kabayar punah.

اللهُ اكبَرُ- اللهُ اَكْبَرُ- اللهُ اكبَرُ لااِلهَ الااللهُ وَاللهُ اكبَرُاَللهُ اكبَرُ وَللهِ الحَمْد

Saum ramadhan mangrupiken ujian fisik sareng mental, ker ngukur barometer kimanan urang, kangge ngabentenken mana inten mana berlian, mana perak mana emas, mana nu orisinil mana nu imitasi, mana nu taat mana nu maksiat. Sadayana kasatmata tiasa ka uninga ka tembong kubalarea nilai individu tiap jalmmi terutami ku dirina masing-masing.


‘Alloh rek nguji ka aranjen, saha diantara aranjen anu pang saena amal”

Allohuakbar 3x
Saum ramadhan sarana latihan anu pinuh ku pendidikan , upami dikali, ditaliti, diselidiki  meuhpeuy leubeut ku buah pituah papatah anu barokah,alaeun urang umat islam. Rambay alaeunnana sangkan kengeng hasil anu muceukil, ulah nihil, anu deket urang beungkeut,anu anggang urang taekan, anu jauh urang ajul kalayan ngangge gantar kaimanan sareng kataqwaan, kengge modal ngagolangken hirup urang, sangkan aya dina kasuksesan memperjuangken hirup jangka pendek didun’ya, demi ngahontal hirup jangka panjang di akherat engke, sakumaha tujuan anu ngancik tinaleuleumbutan urang.

اللَّهُمَّ آتِنَا في الدُّنْيَا حَسَنَةً ، وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً ، وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

Di dun’ya kengeng kasaean, di akherat kengeng kasaean, bari salamet di jaga tina seneu neraka.

Allohuakbar 3x
Mangga gera emutan nostalgia saumurang sadayana, geuning ngosongken beteung teh lapar, dahaga, leuleus, lungse teu aya tangan pangawasa, cacakan urang mah ngan sakadar ngeserken kabiasaan, anu kawit neda enjing-enjing dieserken jidi janari, neda sonten dieserken jante magrib. Deudeuh teing dulur urang anu miskin anu fakir anu yati, anu sadidintenna nahan ;lapar, tuang sore isuk henteu, isuk ngabubur sore nganggur, ngesian patuangan sakaparan-paran kumaha mendakna bae, anggean belel pinuh ku tatambalan, kulem dimana bae dugna da tegaduh padumukan, mamah dikolong jembatan ngangge amparan koran.

Komo upami ngemutan nasib anak yatim anu tos dikantunken ku Ibu ramana,atanapi salasahijina, kacida Pikawatirenana, boro-boro kerkokobot pendidikan ker jajan ge seuseut seuat, kabayangken kurat karetna kahirupan, unggal dinten ngalimba ngembay cai soca emut kanu tos teu aya, ieu teh belaaneun urang,emutanan urang.


“Kaleubeut jalmi anu ngabohongken kana agama, anu ngantep ka anak yatoim teu mirosea ka fakir miskin, dugi kamantenana hirup kadungsang dangsung teu aya anu melaan.

Allouakbar 3x
'Idul fitri kasempatan kangge nyaliksik diri nyiaran tubuh bilih urang kamalinaan, romaos urang teh lamokot kudosa, jeblog ku kasalahan, seueur laris anu teu saluyu, lampah anu teu meureunah, nukang nonggong jeng papago, nyengsar tina atiran agama urang, boh dosa anu pribadi ka Alloh, atanapi dosa anu aya patula patali jeung papada urang. Kasempatan anu hade ker nyuciken diri urang, hayu urang tarobatan, sing yaqin Alloh lautan hampura, gede keneh hampura Alloh di bandingken jeng dosa urang, gede keneh kanyaah Alloh di bandingken jeng kaburaongan urang, Alloh baris ngahampura kamahluqna anu tobatanu niat rek babalik pikir.

Innalloha yaqbaluttaubatal mudznibiin. “Saestuna Alloh baris ngahampura kana tobatna jalma-jalma anu berdosa”.

 Allohuakbar 3x
Piken nyampurnaken kasucian awak urang tina rereged kasalahan jeng papada urang. Idul Fitri angge kasempatan silahturrahmi sakantenan silih lubarken dosa jeng papada urang sangkan ulah janten gantar kakaitan, engke di poe qiyamah, gera silih hampura jeng batur sakasur, jeng batur sasumur, jeng batur salembur, jeng dulur-dulur. Kahade payunken ka Ibu rama anu masih keneh aya, margi sareatna moal aya urang mun teu aya Ibu rama, singembut indung anu ngandung dugi kasalapan bulan, saripati anu aya dina salirana disadap ku urang salami beliau tahun lamina. Bapa anu ngayuga toh pati banting tulang neangan bekel kangge hirup urang.

 Allohuakbar 3x
Mangga gera galih waktos cai ibu subuh nyulusup kan awak sakujur, sora adzan hawar-hawar kadangu tinu katebihan, hiliwir angin sumelir mere pirasat, harita indung urang ngusial karasa patuangan, Bapa lumpat ti buburinjat di saksian ku bulan sapasi, rek neang indung berang. Sing embut ! basa ema makalangan nyesaken nyawa dina tungtung socana, harita ema adug lajer lolongseran guyang getih, ti kekereket ngaluarken tanaga anu rohaka bari luut leet ku kesang. Kesang gede kesang leutik kaluar masehan salira. Pasrah sumerah kana kaayaan antara hirup sareng maot, hate ngawur tagiwur, di barengan ku rasa paur, kucap kicep jeng ramisak cai panon, nyambat ngajerit kaurang sing gera lahir kadun’ya nambah eusi hate buah panyilekan. Bungah bungangah teu aya hinggana ngabageaken urang medal ka dun’ya bari mulus banglus sampurna salamet.

Allohuakbar.3x
Asa enggal keneh urang ku ema jeng kubapa di bawa leuleumpangan lalayaran ancrub tina kahirupan, bari di siram ku wiwihan kanyaah jeubeuk ker urang, beurang jadi carita, peting jadi impian, mun urang galinggeng paranas tiris, dampalan panangang ema jeng bapa silih gantian nyabakan tarang urang, manah ema jeng bapa motah rongkah pinuh ku kahariwang jeng kamelang, cai soca ramisak caah ngagoah ngadu’a sangkan urang waluya, teuteup deudeuh meuweuh ngagaleuh beungkeut geugeut lir gula jeng peueut, keclak kacintaan ema jeng bapa seueur kacida, euweuh handeuleum keur neundeun teu aya hanjuang piken panundaan. Wabilwalidaeni ihsanaa. “Sareng kanu janten ibu bapa kedah midamel kasaean”.

 Allohuakbar 3x
Bagja kacida kanu masih gaduh keneh Ibu rama, usum lebaran tiasa sasalaman patarema panangan bari nyuhunken di hapunten bebeakan, nyuhunken jiad pidu’a ti duanana, tapi piken jalmi anu tos teu gaduh ibu rama tos mayunan mulih karohmatulloh tos aya di alam barjah, mun bati kabita bari hate ngagerentes, mun ema jeng bapa aya keneh, rek sasalaman bari di rangkulan jeng diciuman, rek bebeakan nyuhunken jiyad pidu’a ti marantena.

 Allohuakbar 3x
Ayena ema jeng bapa geus aya dina angkeredong sangkeredong, aya dijero quburan, anu boa teuing jasadna tos seep di gayeman ku sasatoan, anu aya kantun tulang talengna, mun emut ka ema jeng kabapa paling jiarah nyaksian tutunggul kuburanana, tawis ciri wanci titimangsa yen didinya aya quburan ibu sareng rama anu berjasa. Malih asa kabayangken keneh dina emutan urang waktos ibu rama urang ngajolopong dina jero pasaran bari di garotong kuopatan, teras di leubeutken kana jero kuburan bari di rurub ku taneh bereum. Deudeug pangadeugna, pamenteuna, rindat socana,
kanyaahna, kadeudeuhna, kabayangken bae teu acan leler dina emutan.

Allohuakbar 3x
Hate ratug tutunggulan, gumulung ngagulung ku rupa-rupa pertanyaan, anu hamo teu aya jawabanana, kumaha nasib ema jeng bapa di jero kuburna?Kainggis karisi kamelang jeng kahariwang anu malang dina emutan, sok sieun ema jeng bapa aya dina katalangsaraan, nandangan siksa dijero kuburna bari urang teu sanggup melaanana . Ema! Bapa ! Ieu abdi seja jiarah nepangan, nuju naon ema sareng bapa ayeuna? Naha ema sareng bapa teh bagja atanapi cilaka? Nuju bingah atanapi nuju sedih? Nuju di rohmat atanapi disiksa? Eta pisa patarosan anu hamo teu aya pisan jawabanana.

Duh gusti pangeran abdi, hapunten dosa perdosa pun biang sareng pun rama, tetepken iktikad islamna, tampi amal ibadahna, caangken legaken quburna. Duh gusti pangeran abdi salametken pun biyang sareng pun bapa. Jait tina katalangsaraan sareng kasedihna, kucuran ridho, rohmat,sareng magfiroh, jantenken ku gusti pun biang sareng pun bapa ka golongan hebat surga. Tepangken abdi sareng pun biang sareng pun bapa engke diakherat bari aya dina kasalametan.

Allohuakbar 3x
Pamungkas carios ti simkuring dana raraga khutbah 'Idul fitri  nyanggaken
” ja’alallohu minal ‘aidin walpaijin walmaqbulin taqobbalallohu minna waminkum shiyamana washiyamakum wakullu ‘amin antum bikhoirin”
Mugi ieu khutbah singjanten pamatri sanubari sarta manfaat kasadayana,Amiiiiiin.

Rupanya itulah yangdapat Kami sampaikan salah satu  contoh khutbah iIdul fitri dalam bahasa sunda sSingkat, supaya ada keuntungannya bagi kita semua dan kita sanggup melaksanakannya dari pada isi kandungan khutbah tersebut. Begitu juga kami sajikan khutbah idul adha  dan masih banyak lagi artiel yang lainnya, supaya bermanfaat bagi kita semua.

Contoh Teks Khutbah Idul Fitri Pesan Yang Tersirat Puasa Singkat Duka Terbaru

Contoh Teks Khutbah Idul Fitri Hikmah Puasa Singkat Sedih Terbaru - Tiba saatnya lebaran hari raya idul fitri semuat umat islam di seluruh dunia pada merayakannya dengan penuh rasa syukur dan kegembiraan yang tertanam dalam hatinya, alasannya yaitu sebulan lamanya umat islam telah melaksamnakan  kewajiban ibadah puasa, dan di pungkas dengan melakukan sholat idul fitri di daerah tempat yang telah di sediakan ada yang di mesjid, mushola ahkan ada yang di daerah terbuka ibarat di lapangan dan sebagainya.

Karena arti dari pada Idul Fitri itu yaitu Id artinya kembali, Fitri artinya kesucian jadi Idul Fitri yaitu kembali kepada kesucian, suci lahir maupun batin. Maka seharusnya pada hari itu kita ,sebagai umat Islam mengadakan silahturrahmi dan saling memaafkan sama orang tua, kerabat, dan sahabat sahabat alasannya yaitu kita ini insan biasa yang tak lepas hidup ini dari kesalahan baik yang disengaja ataupun yang tidak disengaja.

Dengan adanya Idul Fitri maka dalam syariat pedoman agama Islam pada waktu paginya sekitar mata hari sudah memancarkan cahayanya disunatkan untuk melakukan sholat sunat dan diakhiri dengan khutbahnya.Nah untuk itu bagi para khatib yang akan melakukan khutbah pada waktu itu biasanya sekian hari sebelum pelaksanaan hari raya idul fitri sudah mempersiapkan tema khutbah, maka Saya disini akan menawarkan teladan teks khutbah idul fitri dalam bahasa sunda semoga dengan adanya teks ini bisa menawarkan jalan untuk mempermudah pencarian bagi para khatib sebagai mana teks dibawah ini:

Contoh Teks Khutbah Idul Fitri Hikmah Puasa Singkat Sedih Terbaru Contoh Teks Khutbah Idul Fitri Hikmah Puasa Singkat Sedih Terbaru

أَلله‘ أَكْبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ لَااِلَهَ اِلاالله ألله أكبَرْ ألله أكبَرْ وَلِلهِ الْحَمْد.أَلحَمْد‘ للهِ اْلمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أطَاعَهُ وَاتَّبَعَ ِرضَاهْ- اَلمُنْتَقِمِ مِمَّ خَالَفَهُ وَعَصَاهْ- ألَذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ
وَمَا أَخْفَاهْ- اَلْمُتَكَفِّلِ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلا يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهْ- أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَا أَعْطَاهْ- وَأشْهَدُ أنْ لااِلهَ اِلّااللهُ وَحْدَهُ لاشَرِيكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ الّااللهَ- وَأشهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ الّذِى اِخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهْ- أللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأصْحَابِهِ وَمَنْ وَالاهْ- أمّا بَعْدُ – فَيَا أيُّهَاالنَّاسُ اِتّقُوااللهَ حَقّ تَقْوَاهْ وَاعْلَمُوا أَنّ يَوْمَكُمْ هَذَا يَوْمٌ عَظِيمٌ وَعِيْدٌ كَرِيْمٌ- أَحَلَّ اللهُ لَكُمْ فِيْهِ الطّعَامْ- وَحَرَّمَ عَلَيْكُمْ ِفيهِ الصِّيَامْ- فَهُوَ يَوْمُ تَسْبِيْحٍ وَتَحْمِيْدٍ وَتَهْلِيْلٍ وَتَعْظِيْمٍ وَتَمْجِيْدٍ- فَسَبِّحُوا رَبَّكُمْ فِيهِ وَعَظِّمُوا وَتُوبُوا اِلَى اللهِ وَاسْتَغْفِرُوهْ- وَاللهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى يَقُوْلُ وَبِقَوْلِهِ يَهْتَدِى المُهْتَدُونْ- أَعُوذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمْ- وَأمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهِ وَنَهَى النَّفْسَ عَنِ الْهَوَى فَاِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ الْمَأوَى وَأَمَّا من طَغَى وَآثَرَ الْحَيَاةَ الدُّنْيَا فَإِنّ الْجَحِيمَ هِىَ الْمَأوَى

Surupna panon poe dina wanci magrib kamari, jadi ciciren rengsena ibadah saum urang salila sabulan campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sabulan, karena ngalaksanakeun saum jeung taraweh sarta ibadah–ibadah bulan mulia sigana ku urang sadaya geus dilaksanakeun.

Ayeuna urang sadaya mulang deui kana kaayaan sakumaha biasa deui, sabab poe ieu diharamkeun saum, poe ieu waktuna urang sadaya suka bungah, bungah lain karena loba dahareun atawa make pakean sarwa anyar, tapi bungah karena urang sadaya parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah karena geus tamat ngalaksanakeun parentah Allah nyaeta ibadah saum Ramadan.

Para ‘aidin…
Rengse urang ngalaksanakeun ibadah saum sabulan lilana kalawan pinuh harepan mugia ditampi ku Allah Swt. Sahingga jadi wasilah pikeun ngahontal Ridlo katut magfiroh mantenna aamiin..

Sok sanaos shaum dilaksanakeun ku urang ngan sabulan nu lamina 29 atawa 30 poe, tapi buah sareng mangfa’atna mugi bisa karaos ku urang sataun, malah salila urang masih hirup di alam dunya, margi Allah swt. ngawajibkeun shaum ka jalma – jalma anu ariman sangkan jadi jalma anu takwa .

Tangtuna oge lain ngan ukur sabulaneun, dina bulan Romadlon wungkul. Hikmah atawa buah tina ibadah shaum kudu katara tur karasa salila urang hirup keneh di alam dunya, sarta diteruskeun tepi ka alam akherat, sahingga dimana urang paamprok jeung allah swt.dina kaayaan Allah ridho ka urang tur urang oge ridho ka Allah swt.

Para ‘aidin rawuh a’idat rohimakumulloh nyakitu deui, buah tina ibadah shaum lain ukur keur sasoranganeun wungkul, tapi kudu mibanda ajen sosial, nu karasa ni’mat sarta mangfa’atna lain ku urang wungkul tapi oge ku balarea, nu jadi anggota masyarakat . Mun keur saurang pamingpin, mangfa’at sarta nasihat shaum bisa katinggali sarta karasa ku anak buahna, nu mangrupa jeujeuhan nu mawa kana kasalametan sarta kasejahteraan nu walatra. Mun ku anak buah, atawa rahayat, kudu katinngali tina kata’atan sarta kapatuhan anu satia kanu jadi pamingpin.

Keur nu beunghar nu dititipan harta nu loba bakal katara tur karasa berehannana kanu butuh. Keur nu loba pangabutuh atawa nu kokoro, bakal katara sikep hormatna tur babantuna nu satia kanu beunghar. Keur saurang pedagang bakal leuwih ati-ati dina urusan jual meuli. Moal wani deui ngajual ku timbangan anu hampang, meuli ku timbangan anu beurat.

Kaprikornus cindekna mah buah tina ibadah shaum, ayana parobahan tina nu goreng kanu alus. Nu disebut bener jeung alusna ibadah, lain ukur ditinggali tina cara jeung daerah sarta waktuna wungkul, tapi bener jeung alusna ibadah bisa ditingali buahna dina kahirupan sapopoe. Sok sanajan carana merenah numutkeun sunnah, ari nasihat atawa buahna teu karasa ngeunah mangka eta ibadah the can tangtu bisa ditarima ku allah swt.

Sakumaha diterangkeun dina hiji riwayat yen aya saurang ibu anu getol sholatna, geus puguh anu fardu, dalah anu hukumna sunnah oge estu teu aya nu kaliwat. Para sahabat meunteun ka eta awewe teh tangtu bakal jadi hebat sawarga. Sabab ditingali tina getolna shaolat. Tapi, numutkeun rosululloh saw. Eta awewe teh lain pisurgaeun tapi bakal jadi hebat naraka. Para sahabat kaget, teras naroskeun ka Rosul ngeunaan alesanana, Rosul ngawaler,yen eta awewe teh sanajan getol shalat, tapi loba nganyerikeun atawa ngaganggu ka tatanggana. nuduhkeun yen shalat nu rajin dilakonan ku eta awewe, ngan saukur merhatikeun cara, daerah jeung waktuna wungkul. Teu merhatikeun kana nasihat atawa buah tina eta shalat. Nyaeta etika anu hade jeung mulya ka tatangga, minangka batur hirup sapopoe.

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!

Dina hadist anu diriwayatkeun ku imam Bukhori sareng Muslim anu hartosana :”aya opat rupa, sing saha jalma anu kakeunaan ku opat rupa ieu, mangka manehna jadi jalma munafek tulen. Atawa sing saha anu kakeunaan ku salah sahiji anu opat, mangka manehna aya dina cabang kamunafekan, sahingga manehna bisa ninggalkeunana, nyaeta dimana ngomomg sok bohong, dimana diamanatan sok khianat, dimana jangji sok jalir, dimana pasea sok licik,kajeun teuing manehna sok shaum,shalat tur ngaku dirina muslim”.

Dina hadist anu bieu tiasa ku urang kauninga, yen alusna ibadah, boh shaum, shalat jeung sajabana, nyaeta tiasa ditingali tina buahna, nu bisa katara jeung karasa dimana geus campur hirup babarengan jeung papada urang. Sok sanajan alus cara shalatna jeung shaumna numutkeun cara nabi Muhammad saw. Merenah tempatna tur sehat tempatna, tapi mun buahna teu katingali tur teu karasa ku balarea, mangka eta ibadah teh teu bisa kaasup hade. Hiji jalma sok sanajan getol shalat getol shaum sarta ngaku dirina jalma muslim, tapi mun masih keneh daek nipu, ngabobodo, khianat mun diamanatan, jalir mun jangji jeung sok licik mun pacengkadan atawa perlombaan, mangka eta jalma teh lain salaku muslim, tapi munafek, sok sanajan munafek amali.

Allohu Akbar…Allohu akbar…

Khusus pikeun ibadah shaum, Alloh swt.nguningakeun tujuannana, nyaeta sangkan jalma-jalma anu ariman jadi jalma-jalma anu tarakwa,La’allakum tattaquun. Memang dina bulan Romadlon, suasana kataqwaan katara jeung karasa ku urang sadayana. Jalma nu keur ngalaksanakeun shaum bisa nahan dirina tina sagala gawe anu diharamkeun ku Alloh swt. sawangsulna maksakeun diri pikeun ngalaksanakeun sagala anu diparentah ku Alloh swt sareng Rosulna.

Masjid-masjid ma’mur, pinuh ku jama’ah shalat taraweh, dina waktu sahur jeung subuh raeng ngaraji Al Alquran ngaliwatan pengeras bunyi patarik – tarik, kotak – kotak amal pinuh ku duit tina sodakoh jeung infak, artis –artis nurut ancrub milu mere ceramah agama, malah ngadadak make tiung sagala.

Dina radio, dina TV padet ku program ceramah agama, eta kabeh , teu bisa ditolak, mangrupakeun suasana kataqwaan. Tapi suasana kataqwaan, nu diharepkeun ku Alloh, tangtuna oge lain ukur ngan sabulan Romadoneun, tapi kudu maneuh salilana, salila urang masih hirup keneh di alam dunya.

Para ‘aidin rawuh ‘aidat, rohhimakumulloh!

Diantara ciri jalma nu taqwa, nya eta sagala prilaku, boh ucapan atawa pagawean teu ukur asal-asalan jeung teu mentingkeun kepentingan eksklusif jeung golongan wungkul, tapi leuwih diutamakeun kepentingan umat. Jalma nu taqwa, mun ngomong teu “asbun” jeung mun ngalaksanakeun pagawean teu “aspal”. Tapi ucapan jeung pagawean ngan wungkul nu mawa kana kamaslahatan balarea. Sakumaha diuningakeun ku Alloh SWT, dina surat Al-Ahzab :

“hei, jalma-jalma nu ariman, aranjeun kudu taqwa ka Alloh, sarta aranjeun kudu nagaromong kalawan omongan nu merenah.”

Allohu Akbar…Allohu akbar…

“Qaulan sadidan”, minangka ciri diantara ciri-ciri jalma nu taqwa, maksudna, mun rek ngaluarkeun perentah ka bawahan, kaputusan nu bisa dijadikeun hukum, atawa ponis nu dikeunakeun ka terdakwa, teu asal pok jeung asal pek. Tapi, sagala kawijaksanaan nu kaluar ti jalma nu taqwa, estu mawa kana kamaslahatan balarea. Lain keur kauntungan sagolongan wungkul. Sahingga, ku eta kawijaksanaan teh teu aya nu ngarasa dirugikeun.Tina “Qaulan sadidan”, bakal bisa nglahirkeun kaadilan nu walatra. Malahan Alloh nguningakeun, yen kaadilan teh minangka sikep laris nu bisa mawa tur ngadeukeutkeun kana “kataqwaan”, sakumaha pidawuh Nu Maha Kawasa :

“Aranjeun kudu adil, sabab adil teh ngadeukeutkeun kana taqwa.”

Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!

Kaadilan bisa ngadeukeutkeun kana taqwa, nyakitu deui shaum bisa ngenteurkeun kana taqwa, mangka antara shaum jeung kaadilan, lir gula jeung amisna, teu bisa dipisahkeun. Hartosna ibadah shaum kudu bisa nganteurkeun kana kaadilan nu walatra. Kaadilan mangrupakeun pangabutuh poko dina kahirupan urang kiwari. Teu aya hartina pangwangunan dina widang ekonomi maju, gedong-gedong saligrong, jalan-jalan lalebar tur lalucir, tapi miskin ku kaadilan.

Teu aya hartina gedong-gedong jarangkung, dahareun loba rupana tur ngareunah, sedengkeun ku kaadilan malarat. Ayana “kesenjangan sosial” nu bisa nimbulkeun “kecemburuan” ummat, teu bisa nganteurkeun kana tumuwuhna huru-hara sosial, alatan keur walatrana kaadilan.Pirang-pirang “penyelewengan” nu bisa ngakibatkeun rugina nagara jeung bangsa, saperti korupsi jeung manipulasi, tangtu bakal bisa dileungitkeun mun geus karasa ayana kaadilan nu walatra. Nyakitu deui, kamungkaran sejena, ibarat pembunuhan, pamerkosaan jeung pencurian, nu ngaganggu katenangan masarakat, bakal bisa dileungitkeun mun kaadilan nu walatra geus karasa.

“Saenyana ancurna bangsa-bangsa samemeh aranjeun, nya eta alatan kaadilan geus teu walatra. Dimana aya bedebah ti kalangan bangsawan atawa pajabat, ku maranehna teu dihukum. Sabalikna, mun kapanggih eta bedebah teh ti kalangan rahayat, ku maranehna dihukuman sakumaha mistina. Demi Alloh, mun Fatimah anak kaula maling, kaula sorangan nu ngahukumanana oge.”

Allohu Akbar…Allohu akbar…Walillahil Hamd
Para ‘aidin rawuh ‘aidat rohimakumulloh!

Kaadilan nu ditanjeurkeun ku Rosululloh SAW dina urusan aturan kacida pisan tegesna. Estu teu cueut ka nu hideung teu ponteng ka nu koneng. Teu ditingali, pedah eta teh anak jeung pajabat, mun geus bukti ngalakukeun kamungkaran, nu matak ngarugikeun bangsa jeung nagara, mangka ku Rasul dihukuman kalawan samistina. Ku ayana sikep nu adil dina nanjeurkeun hukum, mangka suasana jeung nagara, di jaman Rosul, estu tengtrem tur sejahtera. Teu kantos kakocapkeun aya “unjuk rasa”, nembongkeun ka teu sugemaan. Komo kitu mah “gejolak sosial” nu matak ngarugikeun materi jeung diri, teu kantos kajadian di jaman Rosululloh SAW. Padahal pangwangunan ekonomi di jaman Rosul, masih kawilang can maju.

Hadirin sidang 'id rohimakumulloh.
Kusakieu guaran nasihat puasa mudah-mudahan mahi keur diri eksklusif walatra keur balarea urang sadayana tiasa istiqamah dina ngajalanken sagala rupa padamelan anu diparentahken ku Alloh SWT supados urang sadayana kenging kabagjaan dunia akherat.Amiiiiin yarbbal alamin

.بارك الله لى ولكم بما فيه من الآيات والذكر الحكيم تقبل الله منا ومنكم صيامنا وصيامكم تقبل ياكريم وكل عام وأنتم بخير تقبل يا كريم. وإنه هو السميع العليم فاستغفروه إنه هو الغفور الرحيم

Khutbah kadua

ألله أكبر 7× ألله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيلا. ألحمد لله الذى جعل الأعياد بالأفراح والسرور, وضاعف للمتقين جزيل الأجور , وكمل الضيافة فى يوم العيد لعموم المؤمنين بسعيهم المشكور , وأشهد أن لاإله إلا الله وحده لاشريك له له العفو الغفور , وأشهد أن شيدنا محمدا عبده ورسوله الذى نال من ربه مالم ينله مقرب ولا رسول مطهر مبرور , أللهم صل وسلم على سيدنا محمد النبي الأمي وعلى آله وأصحابه الذين كانوا يرجون تجارة لن تبور أما بعد . فيا أيهالإخوان إتقواالله واعلموا أن يومكم هذا يوم عظيم , يتجلى الله فيه على عباده من كل مقيم ومسافر وقال الله تعالى ولم يزل قائلا عليما , إن الله وملائكته يصلون على النبي يا أيهاالذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما . أللهم صل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وأصحابه أجمعين آمين. أللهم اغفر للمؤمنين والمؤمنات والمسلمين والمسلمات الأحياء منهم والأموات . أللهم ادفع عنا الغلاء والبلاء والفحشاء والمنكر والقحط والوباء والسيوف المختلفة والشدائد والمحن والفتن ما ظهر من بلدنا هذا خاصة ومن بلدان المسلمين عامة إنك على كل شيئ قدير . والحمد لله رب العالمين.والسلام عليكم ورحمة الله وبكاته

Itulah Contoh Teks Khutbah Idul Fitri Hikmah Puasa Terbaru dalam bahasa sunda yang sanggup Saya sampaikan semoga dengan adanya khutbah Idul fitri bahasa sunda ini sanggup bermanfaat bagi kita semua dan begitu juga lami sajikan pidato serah terima pengantin, pidato proklamasi dan yang lainnya maanya terussaja update di alamat ai ini islamianews.com

Contoh Teks Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Singkat Terbaru 2018

Khutbah 'Idul Fitri Singkat Terbaru 2018 - Momen terindah Ramadhan segera berakhir, saatnya kita melakukan Idul fitri, yang mana dalam pelaksanaan idil fitri sehabis melakukan shalat 'Id eksklusif di pungkas dengan melakukan khutbah . Nah buat Anda yang akan merayakan Idul Fitri terutama bagi para khatib, saya buatkan salah satu contoh teks khutbahn idul fitri untuk mempermudah pencarian judul yang akan di sampaikan pada program tersebut.

Dengan adanya pelaksanaan Shalat Idul Fitri ini mari kita rayakan dengan penuh keikhlasan biar kita mendapatka fahala dari Alloh Swt, walau pun pelaksanaan Shalat idul fitri itu sunnat tapi tidak ada bedanya dengan pelaksanaan shalat yang wajib dan sholat sunnah menyerupai sholat dhuha, namun untuk doa sholat dhuha itu ada yang khusus, nah dalam menjalankan sholat idul fitri sama saja syarat, rukun dan menginggalkan segala apa yang membatalkan shalat menyerupai sholat biasa saja.

Ketika tiba tanggal 1 Sawwal maka serempak semua umat Islam  di seluruh dunia sama-sama merayakan dan melakukan acara berupa melakukan Shalat Sunnat Idul Fitri ditempat-tempat menyerupai di mesjid, moshala, bahkan ada yang melaksanakannya secara terbuka adalah di lapangan  setelah selesai melakukan shalat eksklusif khatib naik mimbar untuk memberikan khutbah idul fitri dengan bahan yang ada hubungannya dengan acara tersebut.

 yang mana dalam pelaksanaan idil fitri sehabis melakukan  shalat  Contoh Teks Khutbah Idul fitri Bahasa Sunda Singkat terbaru 2018


الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر وَلِلّهِ الْحَمْد
اَلْحَمْدُلِلّهِ الْعَزِيْزِ الْقَهَّارِ، نَسْتَعِيْنُهُ وَ نَسْتَهْدِيْهِ، وَ نُؤْمِنُ بِهِ وَ نَتَوَكَّلُ عَلَيْهِ وَ نَشْكُرُهُ وَ لاَ نَكْفُرُهُ وَ نَخْلَعُ وَ نَتْرُكُ مَنْ يَفْجُرُهُ.
أَشْهَدَ أَنَّ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ وَ أَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللهِ لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ، اَلْمُتَوَحِّدُ فِيْ الْجَلاَلِ بَكَمَالِ الْجَلاَلِ تَعْظِيْمًا وَ تَقْدِيْرًا
وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى سَيِّدِ الْمُرْسَلِيْنَ، وَإِمَامِ الْمُتَّقِيْنَ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ الطَّيِّبِيْنَ الطَّاهِرِيْنَ
اَمَّا بَعْدُ 
;يَآأَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَ مَنْ يَتَّقِ اللهَ يَجْعَلْ لَهُ مَخْرَجًا وَ يَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لاَ يَحْتَسِبُ فَاتَّقُوْا اللهَ يَا عِبَادَ اللهِ.
وَ قَالَ اللهُ تَعَالَى وَعَدَ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا مِنكُمْ وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ لَيَسْتَخْلِفَنَّهُم فِي الْأَرْضِ كَمَا اسْتَخْلَفَ الَّذِينَ مِن قَبْلِهِمْ وَلَيُمَكِّنَنَّ لَهُمْ دِينَهُمُ الَّذِي ارْتَضَى لَهُمْ وَلَيُبَدِّلَنَّهُم مِّن بَعْدِ خَوْفِهِمْ أَمْناً يَعْبُدُونَنِي لَا يُشْرِكُونَ بِي شَيْئاً وَمَن كَفَرَ بَعْدَ ذَلِكَ فَأُوْلَئِكَ هُمُ الْفَاسِقُونَ
Hadirin sidang I'd anu mulya.
Khutbaw awal.
Khutbah awal nembe medal, ngiringan dalil jeng hadits, ayatal qu'ar dawuh rosul, jangkarna taqwa Lillah, tandaning cinta anu konkret buahna ma'rifatulloh.Taqwa jangkarna kamulyaan , mahabah teu robah manah, matuh dina diri maneh teu eleh kunu ngaraneh.


Tipeuting sok lila nyaring, ti beurang teu sanggup senang, wayahna sangsara badan, shobar ngambah kapayahan , mengkek napsu ti dur subah ngalayng di tunggang gunung, tutupna nepi kasurup panon poe, saum sabulan lilana.Di papaes ku taraweh, tadarus amal ibadah, zakat fitrah teu kaliwah, gentra hayya 'alal falah terus dipilih diwalah, garapan anu merenah.

Jalma anu lakuna kitu, bagjana kabina bina,jalma anu teu kitu rugina taya padana, katilas kupedang mangsa, saisih teu mulih deui, romadhon ieu teu kadongdon, nubakal geus lain deui, romdhon tetep sa romdhon teu sanggup di bagi-bagi.

Romdhon tamat awal syawal, dimasjid takbir begilir ,sowarana hawar-hawar katebak daya maruta, parat kacongkar buana,pasir wukir milu dzikir, wahangan akbar-akbaran, matak ketir leutik pikir.Saum nu ngabogaan laku, taya basa titi surti, melak ahklaq nu utama , padang manah pikir nyaring, ngajak kalampah sarakah , ngajak asih kanu leutik, ngajak nyaah kasasama , nya fitrah pertandaningsih.

Rasa puas ilang sagala kareuwas, tuma'ninah beutah manah lunas hadas kawajiban, sausik samalik dzikir pok pokan lain ti indung ti bapa, patuh lungsur tiyang agung hadiyah tiba ti Alloh.

اَللهُ أَكْبَرُ… اَللهُ أَكْبَرُ… اَللهُ أَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْدُ

Hadirin sidang I'd anu mulya.

Romadhon teh rajana bulan, gudangna sagala amal, dua rupa nu penting dipikaeling, turun wahyu nu munggaran, surat alaq rejeng laelatul qadar, luhur agung nandingan sarebu bulan.Ari laelatul qadar tea sumping sataun sakali tong dilangkung teu di aku, angken kumanah nusadrah, manah tabah ngabedah aling-alingna halangan rintangan nana geus tangtu ngadadak datang, margi sugri kasucian, kamulyaan, kaagungan dibanding ku aling-aling dihalang ku pipinding." likulli khaerin maani'un" piken saban-saban kaalusan sok aya hahalang harungan nana.

Hadits Nabi "Wainnal jannata khuffat bilmakarih wainna naro khuffat bisyahawat"
Jeung saenyana nirwana dikeukeupan kunu gareuleuh, jeung saeunyana Naraka mah dikeukeupan disimutan ku jalan pikaresepen.

Bagja tiba tina susah hina tiba tina bungah, lamin diri embung usik, sungkan robah nyingrayken runtah-runtahna niscaya ti balik eusina, anaamna kari anomna, ganduan leungit kawungna, kawung leungit carulukna, sang paraji henteu kabagian saji, Kiai leungit ajina,kahuruan ku nafsuna.

اَللهُ أَكْبَرُ… اَللهُ أَكْبَرُ… اَللهُ أَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْدُ

Ijtahiduu yaumal Fitri Pishadaqati Wa'malilkhairi walbirri minasholaati wazzakaati wattasbiihi wattahliili painnahu yaumalladzii yagfirulloha ta'ala piihi dzunubakum wayastajiibu dzu'aakum wayandhuru ilaikum birrahmah (alhadits).

" Dina poe lebaran pek kumaraneh peuntingkeun sakur nu perlu dina shadaqah rejeng amal kaalusan, shalat rejeng zakatna, tasbihna rejeng tahlilna, sabab dina poe eta pisan Alloh ngahampura kana dosa-dosana maraneh, ngaijabah kana du'a maraneh, rejeng Alloh ningali kamaraneh kalawan paningali nu pinuh ku asih deudeuh nineung nu beda jeung poe nulian-lianna".

Hadirin sidang I'd anu mulya.
Kusabab mulyana ieu leubaran, dina poe ieu syara ngalarang puasa, poe lebaran teh poe ngecagken sagala karudet jeng kabeungbeurat, kabeungbeurat ka Alloh jeng karosulna lulubaran tina dosa perdosaan.Poe lebaran teh poe namploken sagala kabungah dasarna karana Alloh silaturrahmi muslim jadi sahiji, sahiji tujuan nana sarua cita-citana, ngagulungken maksud pada ngajugjug ka mushala.

فإذا برزوا إلى مصلاهم قال الله تعالى يا ملائكتي ما جزاء الأجير إذا عمل عمله فيقولون : إلهنا وسيدنا أن توفيه أجره

Lamun maranehna tos nepi ka daerah Sholat, lajeng Alloh ngadawuh: Wahai para malaikat, naon ganjaran keur jalma anu geus beres tina pagaweanana ?". Malaikat ngawaler, "Wahai Pangeran abdi sadaya, tangtosna dipasihan upahna".

فيقول عز وجل أشهدكم أني قد جعلت ثوابهم من صيامهم وقيامهم رضاي ومغفرتي ، ويقول

Allah Azza wa Jalla nyarios, : "Saksikeun ku aranjeun yen Kaula mere ganjaran tina puasa jeung sholat maranehanana kalayan keridhoan jeung ampunan Kaula." Lajeng Alloh ndadawuh,

سلوني فوعزتي وجلالي لا تسألوني اليوم شيئا في جمعكم هذا لآخرتكم إلاّ أعطيتكموه ولا لدنياكم إلا نظرت لكم، انصرفوا مغفوراً لكم، قد أرضيتموني ورضيت عنكم. (حديث مرفوع خرجه سلمة بن شبيب في كتاب فضائل رمضان وغيره

"Pek menta kalayan kaMuliaan Kaula jeung kaAgungan Kaula, moal samata-mata anjeun menta dina poe iyeu keur kahirupan aherat, kecuali ku Kaula dibikeun keur aranjeun, jeung moal samata-mata aranjeun menta dina poe iyeu keur kahirupan dunia, kecuali ku Kaula ditingalikeun keur aranjeun, Aranjeun geus ngajadikeun Kaula ridho jeung Kaula ridho ka kalian." (Hadits dikaluarkeun ku Salamah bin Syabib dina kitab keutamaan ramadhan)

Hadirin sidang I'd anu mulya.
Cuek hadits Sauenyana Alloh dina saban-saban zam bulan ramadhan tibeurang jeng tipeutingna geus ngalepasken 600 000 jalma anu doraka tina raka tur padahal maranehna teh cadangan eusi naraka kituna teh nepi kadatangna laekatul qadar, ari dina laelatul qadar mah lobana anu dilepasken teh sakumaha anu lobana ti mimiti tanggal hiji ramadhan nepi kadatangna laelatul qadar, sedengken dinba poe lebaran mah anu dilepasken tina naraka teh, sabingbilangan anu dilepasken ti tanggal hiji ramadhan nepi ka laelatul qadar.
Allohumma ajirnii minannaar waidza qurialqur'aan pastami'uulahu waangsituu la'allakum turhamuun.

بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِى لَيْلَةِ الْقَدْر(1) وَمَا أَدْرَاكَ مَا لَيْلَةُ الْقَدْرِ(2) لَيْلَةُ الْقَدْرِ خَيْرٌ مِّنْ أَلْفِ شَهْر(3) تَنَزَّلُ الْمَلَئِكَةُ وَ الرُّوْحُ فِيْهَا بِإِذْنِ رَبِّهِمْ مِّنْ كُلِّ أَمْرٍ(4) سَلاَمٌ هِىَ حَتَّى مَطْلَعِ الْفَجْرِ(5
بارك الله لي ولكم في القرآن العظيم، ونفعني وإياكم بما فيه من الآيات والذكر الحكيم، وأستغفر الله العظيم الجليل لي ولكم ولسائر المسلمين من كل ذنب، فاستغفروه إنه هو الغفور الرحيم

KHUTBAH KEDUA

الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الله أكبر الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ أَشْهَدُ أنْ لا إلَهَ إلا اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ، وأشهدُ أنَّ مُحَمَّدًا عبْدُه ورَسُولُه اَمَّا بَعْدُ: فَيَاعِبَادَ اللهِ : اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَ اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ اللهم صَلِّ وَالسَّلَمُ وَبَارَكَ عَلَى سَيِّدِ نَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى أله وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ اَللَّهُمَّ انْصُرْنَا فَاِنَّكَ خَيْرُ النَّاصِرِيْنَ وَافتَْحْ لَنَا فَاِنَّكَ خَيْرُ الْفَاتِحِيْنَ وَاغْفِرْ لَنَا فَاِنَّكَ خَيْرُ الْغَافِرِيْنَ وَارْحمَْنَا فَاِنَّكَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ وَارْزُقنَْا فَاِنَّكَ خَيْرُ الرَّازِقِيْنَ وَاهْدِنَا وَنَجِّنَا مِنَ الْقَوْمِ الظَّالِمِيْنَ وَالْكَافِرِيْنَ. اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِينَْناَ الَّذِى هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنَا وَأَصْلِحْ لَنَا دُنيَْانَ الَّتِى فِيْهَا مَعَاشُنَا وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتنََا الَّتِى فِيْهَا مَعَادُنَا وَاجْعَلِ الحَْيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِى كُلِّ خَيْرٍ وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شرٍّ اَللَّهُمَّ اقْسِمْ لَنَا مِنْ خَشْيَتِكَ مَاتَحُوْلُ بيَْنَنَا وَبيَْنَ مَعْصِيَتِكَ وَمِنْ طَاعَتِكَ مَا تبَُلِّغُنَابِهِ جَنَّتَكَ وَمِنَ الْيَقِيْنِ مَاتهَُوِّنُ بِهِ عَلَيْنَا مَصَائِبَ الدُّنيَْا. اَللَّهُمَّ مَتِّعْنَا بِأَسمَْاعِنَا وَأَبْصَارِنَا وَقوَُّتِنَا مَا أَحْيَيْتَنَا وَاجْعَلْهُ الْوَارِثَ مِنَّا وَاجْعَلْهُ ثَأْرَنَا عَلَى مَنْ عَاداَنَا وَلاَ تَجْعَلْ مُصِيْبَتَنَا فِى دِيْنِنَاوَلاَ تَجْعَلِ الدُّنيَْا أَكْبَرَ هَمِّنَا وَلاَ مَبْلَغَ عِلْمِنَا وَلاَ تُسَلِّطْ عَلَيْنَا مَنْ لاَ يرَْحمَُنَا اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ اِنَّكَ سمَِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعْوَاتِ. رَبنََّا اَتِنَا فِى الدُّنيَْا حَسَنَةً وَفِى الأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

Itulah yang sanggup saya rangkum dalam artikel ini mengenai teladan teks khutbah idul fitri terbaru 2018, semoga dengan adanya teks ini ada keuntungannya bagi kita semua. Begitu juga kami sajikan Khutbah jumat laelatul qadar, khutbah jumat nuzulul qur'an dan masih banyak lagi yang lainnya,semoga sanggup bermanfaat bagi kita semua

Contoh Teks Pidato Singkat Serah Terima Pengantin Dalam Bahasa Sunda

Serah Terima Pengantin  -Serah terima pengantin itu sudah mengakibatkan tradisi ditanah air kita ini terutama didaerah tatar sunda, walau pada pada dasarnya dalam kesepakatan ijab kabul serah terima itu tidak menjadi syarat dan rukun nikah, namun jikalau tidak diadakan serah terima rasanya program itu kurang sempurna, maka dengan hal ibarat ini sudah menjadi tradisi atas adanya serah terima yang dilaksanakan biasanya sebelum kesepakatan pertikahan.

Nah untuk itu bagi para penceramah terutama bagi kita yang menerima kiprah dari keluarga mempelai untuk mewakili pada program serah terima niscaya sedikit kita akan merasa susah untuk mencari tata bahasa yang akan kita sampaikan nanti di podium, maka untuk itu Admin disini akan menawarkan salah satu teladan teks pidato serah terima pengantin dalam bahasa sunda, bersama-sama hal ibarat ini yaitu untuk mempertahankan budaya bahasa ditanah air ini.

Dari hal ibarat ini sanggup kita temukan kesimpulan bahwa bangsa Indonesia kaya akan bahasa, dalam hal pidato saja terdapat banyak sekali macam bahasa, namun pada umumnya memang lebih banyak yang memakai bahasa Indonesia, alasannya yaitu merupakan bahasa nasional dan pemersatu seluruh rakyat Indonesia. Jika Anda berada di kawasan Jawa Barat, mungkin berpidato memakai bahasa sunda tidak masalah. Karena Jawa Barat yaitu tempat dimana bahasa yang satu ini berasal dan menjadi salah satu bahasa terbesar di nusantara.

Serah terima pengantin itu sudah mengakibatkan tradisi ditanah air kita ini terutama didaerah Contoh Teks Pidato Singkat Serah Terima Pengantin Dalam Bahasa Sunda

Bismillah nu jadi sekarning panggiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampuraning rahayu, benjeran jatining bagja.Di wuwuh ku alhamdulillah, panyanglar ria jeng sum’ah nu pasalengkrah ngaruntah dina galeuh lelembutan, panundung ujub jeng takabur nu ngagojod dina qalbu, pangusir kumaki nu ngadaki dina ati, nu tunggal iwal ketresna bersihna ati gesan nampa jolerat hidayahna al-Qur’an jeng sunah rosululloh SAW.

Ucapan kalimatusyahadataeni nu netepken pagusten bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, insya Alloh moal rek lanca linci, luncat mulang tina tali gandang, moal rek belang wangkelang najan tepi kairaha, keukeuh, kukuh, anteng manteng, moal monteng najan loba nu maruntangan.

Kesan sholawat teh hiji du’a nu nandaken kadeudeuh sareng ka meumeut anu maneuh ka gusti nabi jungjunan alam kakasih Alloh. Anjena anu jadi tuturus laris dina sumujud ka dzat Alloh, peta lampah dina papantunan hirup, sabab hirup katungkul ku pati, maot te nyaho deui mangsa.Atuh meren lampah teh kudu masing ati-ati, langkah jeng basa jaga sing gumati, ulah lunta tina temah wadi tebih tina pola agami, sok sanaos tos lawas anjena ngantunken alam pana, abong nu miyuni santun te kendat kapicen, jadi lemah wong sakabeh, ka ceuluk kakandang ewu, ka kocap kajanarkia, geus ngajadi sabiwir hiji, ngadalinding sengit kasaban negri.

Para hadirin walhadirot , utamina kulawargi bakal calon panganten istri rohimakumulloh.

Sim abdi nyandak asmana sepuh bakal calon panganten pameget, timpah tipayun sateacan sumanggem, hapunten tina sugrining ka kalepatan, boh bilih teamah para tatamu rombongan anu sarumping kaieu tempat, saur paripaos tea mah upami para pameget dina silana kirang anekak, upami para istri dina embokna kirang aneprok, hente nuandak istilah tamu, tesatata sareng sasemu sareng piribumi didieu. Kumargi rumaos pisan si abdi sareng para tatamu rombongan ku sumpingna ka ieu tempat parantos ngaganggu kana katengtremanana piribumi didieu, saolah-olah ngaheseken urang imah anu istilahna di sebut semah.

Atuh salajengna sim abdi teh saur paripaos teamah mung mangrupiken lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, dina ketika ieu kengeng kapercantenan ti pangersana kulawarga..................kanggo ngadugiken pamaksadanana ka pangersana Bapa.............di dieu.

Hadirin walhadirot rohimakumulloh.
Sim abdi miwah para tatamu rombongan kusumpingna ka ieu tempat anu sakitu jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang, ngeungkeuy ngaleut ngabandaleut, ngemat-ngemat nyatang pindang teu aya lintang anu baris kasanggaken ka Bapa..............di dieu iwalti ka hiji;

Seja nyanggaken silaturrahmina ti atas nami kulawargi.............ka sadayana para wargi tatanggi, masyarakat anu aya di ieu tempat utamina ka sohibul hajat Bapa...........kilih Ibu, anu sakitu saraena sareng sugemana, estu matak teulab kana leuleumbutan katampi ku asta kalih kasangga ka lingga murda pamugi ginanjar lebetning nugraha tinu maha kawasa.

Dupi maksad anu kadua, sumeja unjuk uninga sarehna di rombongan teh gaduh anak odeng/ tawon nu ker mangsana cukup umur putra, gumeleber ku malayang, mapay-mapay raratan qodar pangeran, sumiriwir niyih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka kebon-kebon, ngalayang ka patamanan Bapa......... di dieu. Rupina bae pararandeg amprok sareng hiji sekar nu nuju manteng seuseup, atuh waktos wangsul karorompok, eta si anak odeng teh katingalina guling gasahan, lir kadudu leuleumbutan, kapentang mamarasna rasa, nya sim abdi teu tiasa mapay-mapay raratanana naha nu mana sekar nu ngajantenken incerannana teh? Nu nyababken ngalanglayungna si anak odeng, mana horeng tea mah cilaka ku tingkah polah sorangan geus wani lolongok ka kebon-kebon ngalayang ka patamanan kagungan Bappa di dieu, si horeng pararandeug amprok sareng hiji cempaka endah sumawur, wangining harum harum sekar wangi, kantenan matak ngajadiken guling gasahan si anak odeng kana cempaka hoyong nyeuseup hoyong metik, namun teu wantun sok sanaos aya bahasa; Batu turun kesik naek kalapa tonggohenana,Batur purun kuring daek kacida bogohennana. Itu wayang ieu wayang wayang, wayangna wayang arjuna, itu hayang ieu hayang nya di penta bae kabapana.

Saupami tea mah teu kawidian kunu kagungan taman teh, di pager ku fatwa agama islam sareng susila, balas teu genah rarasaan nya anjena pupulih ka sim abdi,batan leweh bahasana kalah walah, hayang di pang ngajulken ngonggo jalur ti para rosul, tatacara tina ti ulama anu lelemahna tina agama. Atuh ieu cariosan simkuring bilih teamah di sebat tatarucingan urang ebrehken wae sakedik, dupi anu di sebut anak odeng teh nyaeta pun anak anu wastana....................... Atuh eta anu disebut cempaka teh nya eta tuang putra anu wastana neng ...............

Anu ka tilu unjuk pihatur serehna cempaka teh hoyong di seuseup di petik, pamugi pangersa Bapa kalih Ibu kerswidi kasim abdi, kanggo di anggo aleuman sungkeuman, pupunden rasa, buah ati tempat kasucian, ati tempat sasampayan, beheman rasa di damel batur hirup saumur-umur, di ajak sasarengan ngojayan rumah tangga, neleman laki rabi pamugi pinareng aya dina kaasih gusti nu maha suci.Amin yarobbal’alamin.Rupina kitu gerentes hate pun anak teh.

Waktos ayena kagok asong kapalang rongkong, patandang nu bakal midang, balabat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu, niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, melati linggarna ati kembang tanjung nu gumulung, pamengket cangred ka deudeuh, pakait patali asih antawis jang..........ka neng............Ageng harepan hoyong pinasti rintih ngahiji, pasang subaya supaya nyata, geugeut layeut laki rabina sumangga urang sakseni kuurang sadayana, namung sate acan sim abdi nyanggaken kalyan ucapan Bismillahirrohmanirrohiim Ti pangersana Bapa sepuh calon panganten pameget, neda panyakseni kasadayana rehna dina ketika ieu nyanggaken pun anak anu wastana.................... kapangersa Bapa........kalih Ibu kanggo di dahupken ka tuang putra wastana ...................Luyu sareng babadantenan urang kapungkur.

Namung nyanggaken teh estu pisan, nyanggaken sadaya-daya salirana, ti luhur sausap ketu ti handap sausap sapatu, ti gigir sapalinggair kulit, rambutna salambar, getihna satetes, napasna sadada, kabodohanana sering ireug, kataligeuhanana sanggem saur paripaos tea mah di tekuk kangkung katinggal maung, ilang along marga hina. Sumangga seja nyanggaken,namung punten rupina pun anak teh ku angkatna ka ieu tempat teh teu barang bantun nu matak nyugemaken, estu kupat kapit kepat nampah  teh mung saleresna, teu jangjang teu jingjing, teu kapal teu keupeul, teu hunyur teu hanyir, da sena barang bantun oge hawatos panganten mah, mung aya barang nu kababawa wungkul murung naon jenenganana mah mangga bae parios ku neng............Engke bae ulah make asa-asa pedah caket sareng Bapa, ulah make ragu-ragu ku pedah caket sareng Ibu, mangga eta mah kumaha hidep bae. Atuh saur paripaos tea mah mung nyandak koneng sasolor muncang sadampa, sumangga gera pelaken dina hunyur anu subur tur rihmuy pamugi baranakan sinareng ngarekahan.

Hadirin hadirot rohimakumulloh.
Atuh eta mah bilih aya anu jangjang jinjing anu di tanggung etang-etang tilam kadeudeuh ti pun anak kangge tuang putra di dieu, pamugi di tampi tidak mengecewakan sabrang salayan leubeut kacabe mah henteu, tidak mengecewakan tambi tidak mengecewakan leubeut kasae mah henteu, rumojong sasieureun sabeunyeureun ngiring dumedeup ku conto ramo.

Pamungkas tisim abdi,salaku wawakil sepuh bakal calon panganten pameget, seja sanuk-sanuk papalaku boh bilih tea mah aya sumanggem anu maduk kana qolbo ngagaris kana panggalih, luhur mawur bahe carek, bilih aya kecap kalepasan pamugi sadayana utamina pangersa Bapa kalih Ibu sepuh calon panganten istri miwah kulawargi pamugi agung cukup lumur ku pangapunten neda jembar ku pangampura kersa ngamparken lautan panyaksami,akhirna mangga nyanggaken.Wassalam............Wr Wb.

Itulah rupanya yang sanggup Admin sampaikan salah satu Contoh teks pidato serah terima pengantin dalam bahasa sunda, kebanyakan orang melaksanakan pertnikahan pada bulan bulan bersearah misalkan bulan maulid, rayagung, rajab bahkan jikalau sanggup pada bulanraab itu kita sambil melakukan puasa dengan niat puas rajab supaya lebih barokah dan bermakna bagi kita sebagai umat islam, semoga dengan adanya teks ini sanggup menawarkan jalan fasilitas bagi kita terutama bagi para penceramah sekian dan terima kasih. Baca juga teladan khutbah idul fitri dalam bahasa sunda